PortalMiliter | Sukabumi, – Dina raraga ngawujudkeun silaturahmi jeung miara kapedulian sosial, Ikatan Wartawan Online [IWO] Indonesia DPD Kabupaten Sukabumi ngayakeun kagiatan *Santunan Jumat Berkah*. Kagiatan ieu mawa téma anu jero harti: *“Nulik Langit Ngagemparken Jagat: Doa Budak Yatim Piatu”*.Senen 01 Juni 2026.
Téma éta dipilih pikeun ngingetan yén kakuatan doa ti budak-budak yatim piatu boga pangaruh gedé pikeun kasaéan urang sadaya. “Nulik langit” hartina ngangkat panon jeung paneda ka Gusti, sedengkeun “ngagemparken jagat” ngagambarkeun yén saeutik amal jeung doa tulus bisa mawa geter kasaéan nepi ka sakuliah alam.
Dina kagiatan ieu, para pengurus jeung anggota IWO Indonesia DPD Sukabumi méré santunan ka budak yatim piatu ti Iwo indonesia dpd kabupaten Sukabumi. Wujud santunanana ngawengku santunan, sembako, jeung sajabana.
Dina kasempetan éta, Ketua IWO Indonesia DPD Kabupaten Sukabumi, HERIYADI, ogé ngajak sadaya pihak pikeun leuwih peduli ka budak yatim piatu:
“Urang kudu leuwih peduli ka budak yatim piatu, sabab rejeki anu urang bogaan aya hakna pikeun barudak yatim piatu. Tong sieun sangsara mere sodakoh, tong nunggu benghar mun boga niatn hade. Sabab sodakoh lain masalah gedéna anu dibéré, tapi tulusna haté. Urang peduli ka yatim piatu, insya Allah ku Allah dibales lain ukur di dunya tapi di akherat ogé. Hayu bareng urang bantu budak yatim piatu, mun lain urang, saha deui?”
Salian ti méré santunan, kagiatan ieu ogé diisi ku dongeng, ngariung, jeung ngadoa bareng jeung para budak yatim. Suasana haru jeung haneut kacida karasana nalika para budak ngadoakeun pikeun kasalametan bangsa jeung pikeun jalma-jalma anu miwarang santunan.
IWO Indonesia DPD Sukabumi ngahaturkeun nuhun ka sakur pihak anu geus miwarang jeung ngarojong kagiatan ieu. Kahareupna, IWO Indonesia Dpd kabupaten Sukabumi bade kekeh pageh , manteng jeng rhido alloh rutin ngayakeun program sosial kawas kieu salaku wujud nyata tina jurnalisme anu merakyat. sakur anu bade sasarengan urang mikanyaah jeng peduli ka barudak yatim mangga toel nomor di handap .
Kontak Media IWO Indonesia DPD Sukabumi:
HERIYADI
085793811203

